Serat nu Janteun Talatah teu Keudal

Friday, July 23, 2010

Nata kata niti ati pikeun ngawakilkeun rasa dina jero dada
Pikeun nyampaikeun rasa katresna
Katresna nu neundeun katineung nu laun-laun jadi rasa kahariwang
Nu kungsi ngahaleuangkeun dalinding kawih ati dina guratan mangsi
Nu jadi talatah teu kedal ka anjeun
Serat nu janten titipan hate akang pikeun anjeun
Nalika akang keur ngumbar rasa kasono ka anjeun
Serat nalika anjeun hadir dina lawang emutan
Mukakeun panto hate akang nu kunsi nutup diri
Ngesian geutih akang ku rasa kanyaah anjeun
Ngajadikeun sagara cinta nu pohara gedena
Ngumbar kahayang pikeun lalayaran dina eta sagara
Sanajan pikeun ngajugjug tea sagara the
Ngaliwatan ruyuk pinuh cucuk jeung mentas lautan seuneu
Ku akang pasti rek disorang asal ngajugjug na sareng anjeun
Cimata nu kungsi ngeclak ti salira kangggo akang
Janten hutang nu kedah dibayar ku kanyaah
Sanajan kanyaah akang teu ngabukti ku lampah
Tapi ngansaukur ucap nu diwakilkeun ku ieu serat

0 comments:

Post a Comment

Mr.Culunt, Blogger Templates by Blog and Web