Kadeudeuh Tilam Katresna

Saturday, July 10, 2010

Katresna anu nembongan
kanyaah anu marengan
nu dongkap teu diondang
nyaangan kaendahan hate
mapaesan kaendahan hate
duriat nu teu weleh minggat
rasa anu teuweleh ngariksa
kanyaah, kaasih, kaheman kasalira
ngahudang sarebu rasa
hate nu teu weleh keueung
ku poek nu dalinding
sieun..akang sieun
mayunan hate sorangan
mungkieu ayana, mung kieu buktosna
sono pami teu tepang
kasono nu taya saatna
kanyaah anu wangi bersih
satia jadi kakasih
pamenteu marahmay manis
hanjakal mun endahngan ukur kalangkang
ngaraos reueus najan raga urang pateubih
najan urang paanggang hate teu weleh inget wae
hoyong pateupang simpay panangan
hoyong pateupung lawung
na implengan iiraha bakal kasorang
kangen manteung kasalira
Kadeudeuh Tilam Katresna mung hiji kanggo kasalira

Duh naon lepatna lamun Hate mikanyaah ka salira
naha salira nyaram akang pikeun miboga rasa deudeuh ka salira
naon dosana lamun hate mika asih kasalira
kapalang deudeuh ieu hate mika heman
kapalang cinta ieu hate kasalira
najan kedah tunggara rek satia moal rek sulaya
cinta moal rek kadungsang dungsang
cinta pasrah jiwa jeung raga
moal welas kumawelang
cinta lahir tumekaning batin
sumanding asih nu tingtrim
Cinta nu hadir minuhan kalbu akang 
ngahudang rasa minuhan sagara hate
jajangtung ratug tutunggulan
rasa nu teu bisa kabendung
nata kata niti ati janten sakalimat puisi
Asih salira nu teu acan kedal
galindeng salira nu di antos
waktos kedal lisan
nyumponan harapan diri asih salira
 kanyaah salira
Ku akang di antos...


Kadeudeuh ieu kanggo Malati pulas bodas lebah pengkolan!!
Rasa ieu duka ti iraha dugi kaayeuna

0 comments:

Post a Comment

Mr.Culunt, Blogger Templates by Blog and Web