Antara Isuk jeung Janari

Thursday, July 22, 2010

Antara isuk jeung janari
aya lamunan ngaririncik
dina babantar hate
maturan langit nu simpe
nu ngantos datangna balebat fajar
nu ngantos layung di jomantara
maturan cai nu ngagalura 
di paleubah sagara cinta
maturan ibun sesa halimun
nu enteup na pucuk-pucuk daun
ngageuing panon poe
nu geus lila teu embol nembongan
lamunan kasalira nalika diri
ngarasa aya nu usik jadi igel na lebah urat getihna
ngarasa aya nu ngalir bengras 
minuhan rohang simpe na jero hatena
minuhan ku rasa kadeudeuh jeung kanyaah
ngubaran rasa kasono nu geus ngabudal..
duh jungjunan...
sanajan urang pateubih 
tapi hate mah teu weuleh ngaraos cakeut
sanajan saucap salira nyarita
tapi cukup ngubaran rasa kasono nu ngagorogotan diri
sanajan sakeclak salira mapaesan diri
tapi cukup keur niiskeun hate kuring
duh jungjunan..
nami anjeun salamina kaukir na ieu hate
moal aya nu bisa ngahapus eta ukiran
iwal pangeran anu maha kawasa
duh jungjunan
hadirna anjeun ku akang diantos...

0 comments:

Post a Comment

Mr.Culunt, Blogger Templates by Blog and Web