Cinta dina Doa

Friday, July 16, 2010

Langit nu simpe
tur layung pulas beureum dipalebah wetan
nutup kana angen jeung rasa nu baheula aya
rasa nu suganteh moal kasorang deui
tapi saprak wanoh jeung Anjeun 
Naha bet nyorang deui ka sagara tresna
nu teu mere ibar ka diri
numawa hemeng ngalimpudan
dina bimbang sapanjang amparan
eling laju nu bingung
rasa nu nyinglarkeun kahieum ati
lir ibarat baleubat fajar nu nyinglarkeun hideung na mega peuting batara alam anu endah
Dina reungeut sora sakeucapan
bet asa landes misono
meulit ngait dalit ngahiji
taya daya pikeun ngalepaskeun
tapi da urang lir ibarat wayang usik malikna ku dalang
anu teu wasa wenang beuereum hideung na kumaha dalang
apan hirup ngalalakon saperti dina sinetron
caritana kedah pisah nya hamo bisa di pondah
Akang mung bisa ngadoa 

"Ya Allah lamun mah kuring ditakdirkeun ngajodo jeung manehna
rakeutkeun kuring jeung manehna
Tapi pami teu ngajodo di dun'ya
Mugia janten jodo engke di akherat...amiin"

0 comments:

Post a Comment

Mr.Culunt, Blogger Templates by Blog and Web