ku kecap nu teu kabujeung
dikeudalkeun suluh kana seuneu
nu ngajanteunkeun suluh jadi lebu .
ku isyarat hatenu teu kabujeung
didugikeunawan ka hujan
nu ngajanteunkeun awan sirna
Posted by Rian Hidayat at Saturday, July 24, 2010 0 comments
Labels: Rian Hidayat
Nata kata niti ati pikeun ngawakilkeun rasa dina jero dada
Pikeun nyampaikeun rasa katresna
Katresna nu neundeun katineung nu laun-laun jadi rasa kahariwang
Nu kungsi ngahaleuangkeun dalinding kawih ati dina guratan mangsi
Nu jadi talatah teu kedal ka anjeun
Serat nu janten titipan hate akang pikeun anjeun
Nalika akang keur ngumbar rasa kasono ka anjeun
Serat nalika anjeun hadir dina lawang emutan
Mukakeun panto hate akang nu kunsi nutup diri
Ngesian geutih akang ku rasa kanyaah anjeun
Ngajadikeun sagara cinta nu pohara gedena
Ngumbar kahayang pikeun lalayaran dina eta sagara
Sanajan pikeun ngajugjug tea sagara the
Ngaliwatan ruyuk pinuh cucuk jeung mentas lautan seuneu
Ku akang pasti rek disorang asal ngajugjug na sareng anjeun
Cimata nu kungsi ngeclak ti salira kangggo akang
Janten hutang nu kedah dibayar ku kanyaah
Sanajan kanyaah akang teu ngabukti ku lampah
Tapi ngansaukur ucap nu diwakilkeun ku ieu serat
Posted by Rian Hidayat at Friday, July 23, 2010 0 comments
Labels: Rian Hidayat
Antara isuk jeung janari
aya lamunan ngaririncik
dina babantar hate
maturan langit nu simpe
nu ngantos datangna balebat fajar
nu ngantos layung di jomantara
maturan cai nu ngagalura
di paleubah sagara cinta
maturan ibun sesa halimun
nu enteup na pucuk-pucuk daun
ngageuing panon poe
nu geus lila teu embol nembongan
lamunan kasalira nalika diri
ngarasa aya nu usik jadi igel na lebah urat getihna
ngarasa aya nu ngalir bengras
minuhan rohang simpe na jero hatena
minuhan ku rasa kadeudeuh jeung kanyaah
ngubaran rasa kasono nu geus ngabudal..
duh jungjunan...
sanajan urang pateubih
tapi hate mah teu weuleh ngaraos cakeut
sanajan saucap salira nyarita
tapi cukup ngubaran rasa kasono nu ngagorogotan diri
sanajan sakeclak salira mapaesan diri
tapi cukup keur niiskeun hate kuring
duh jungjunan..
nami anjeun salamina kaukir na ieu hate
moal aya nu bisa ngahapus eta ukiran
iwal pangeran anu maha kawasa
duh jungjunan
hadirna anjeun ku akang diantos...
Posted by Rian Hidayat at Thursday, July 22, 2010 0 comments
Labels: Rian Hidayat
Lebah bantaran wahangan
nu kungsi janten saksi urang duaan
Posted by Rian Hidayat at Tuesday, July 20, 2010 0 comments
Langit nu simpe
tur layung pulas beureum dipalebah wetan
nutup kana angen jeung rasa nu baheula aya
rasa nu suganteh moal kasorang deui
tapi saprak wanoh jeung Anjeun
Naha bet nyorang deui ka sagara tresna
nu teu mere ibar ka diri
numawa hemeng ngalimpudan
dina bimbang sapanjang amparan
eling laju nu bingung
rasa nu nyinglarkeun kahieum ati
lir ibarat baleubat fajar nu nyinglarkeun hideung na mega peuting batara alam anu endah
Dina reungeut sora sakeucapan
bet asa landes misono
meulit ngait dalit ngahiji
taya daya pikeun ngalepaskeun
tapi da urang lir ibarat wayang usik malikna ku dalang
anu teu wasa wenang beuereum hideung na kumaha dalang
apan hirup ngalalakon saperti dina sinetron
caritana kedah pisah nya hamo bisa di pondah
Akang mung bisa ngadoa
"Ya Allah lamun mah kuring ditakdirkeun ngajodo jeung manehna
rakeutkeun kuring jeung manehna
Tapi pami teu ngajodo di dun'ya
Mugia janten jodo engke di akherat...amiin"
Posted by Rian Hidayat at Friday, July 16, 2010 0 comments
Labels: Rian Hidayat
Posted by Rian Hidayat at Tuesday, July 13, 2010 0 comments
Labels: Alifah Spaci
Cinta lir ibarat kalangkang
Deukeut anggang bisa diatur ku urang
Cinta bisa ilang jeung nembongan
Repok jodo akhirna datang sorangan
Cinta manjangkeun carita
Cinta panjang lalakona...
Cinta lir ibarat nu geulis
Geura endah ti mawu sewu mamanis
Cinta perlu jalan anu lueus
Solo goto tapakan di anggang putus
Cinta pinuh pengorbanan
Cinta pinuh kasadaran
Cinta datangna teu kaharti
Gandrung ewuh mikangen ngungkapin ati
Cinta matak anteung beurang peuting
Ngadak-ngadak dunya asa nu sorangan
Cinta mangkat mega endah
Cinta tembang kanyaan
Posted by Rian Hidayat at Tuesday, July 13, 2010 0 comments
Labels: Hetty K. Endang
Dina hate kuring Anjeun cicing
dina hate anjeun Kuring cicing
Bener-bener henteu bisa ngejat
dibeungkeut kutali duriat
Sanajan loba nu daratang
Pating kuriling nagihan hutang
pating keletrok kana panto hate
tapi ku urang teu dipalire
durit teu bisa digantian ku rupa
duriat teu bisa digantian ku harta
duriat teu bisa di aya-aya
duriat datangna heunteu kapaksa
Dikotretkeun dina hate didituna
diguratkeun dina rasa didituna
dibuka dibaca kuurang duaan
dijaga diriksa pinuh rasa ka heman
Posted by Rian Hidayat at Tuesday, July 13, 2010 0 comments
Posted by Rian Hidayat at Saturday, July 10, 2010 0 comments
Duka dimana ayana
Duka iraha datangna
Anjeun jol-jol hadir dina kahirupan kuring
nyampak dina lawang rasa
jiga nu nganti dina lawang emutan
padahal urangteh munggaran teupang.
tapi bet aya seredet hate
bet dersurser sesah hilapna
bet tembong dina impenan peuting
ngagalaksak kana rasa
ngabandang rasa kacinta
Dina reungeut sora sakeucapan
bet asa landes misono
meulit ngait dalit ngahiji
taya daya pikeun ngalepaskeun
bibarengan rasa kadeudeuh
padahalmah samemeh wanoh jeung Anjeun
kuring lir ibarat bulan nu nyorangan
nganti bentang anu baris marengan
nganteur nyorang simpena peuting
nepi ka balebat nyampeur
nyinglarkeun kahieum ati
balebat fajar ti wetan anu nyingraykeun
hideungna mega peuting
batara alam nu endah
mukakeun gapura sagara hirup
nubaris jadi lalakon hirup
kumalayang dialam dunya
Mung hanjakal urang kapisah
ku rohang jeung waktu nu beda
kahalang raketna panjara suci
mung di kumahakeun deui
cinta urang lir ambek nyedek tanaga midek
napsu ngagulidag taya liang moncor
antukna ngaguruh nutupan mamaras
nyesakeun diri nu nyileuk taya karep
Posted by Rian Hidayat at Friday, July 09, 2010 0 comments
Labels: R H-A U
langit teu embol nembongan
biruna katutup halimun
tapi sorot panon poe
wanci sareupna maju ka kulon keun
maksa seseleket kana sesela mega
Patingbarasat siga sinar laser
patingarudat bijil ti langit nembus mega nutug lemah
kasawang ti kajauhan kalakay jiga nu ngagupayan
nu ngebat palebah pengkolan
heas-heas nurih ati
sakedepan ngalongkewangkeun diri leungiteun
puntangan hambar diri ilang tungkusan harepan
sirna ilang mamanisna
hate sumeblak cisoca cireumbaay
nineung taya bandingan nana
saukur hate nalangsa teu walakaya
hate keubek kubanggaluh
harepan ngiang ka jomantara
lalampahan pinuh rasa kaduhung
Hujan ieu marengan cimata..
Posted by Rian Hidayat at Wednesday, July 07, 2010 0 comments
Labels: Rian Hidayat