Carita nu Teumanggih Tungtung

Sunday, October 24, 2010

Dina gurat-gurat hate
Anjeun kungsi ngotretken galur carita
nu can kungsi kapedar dina saban sajarah kahirupan kuring
dina munggaran tepang 
naha ieu jajantung wet miheulaan ratug tutunggulan
padahal mah lisan teu sakecap-kecap acan ngaluarkeun sora
sukma kuring adug lajer
nyawang mangsa katukang jeung anjeun
Ngotektak kana saban uteuk nu wangkelang kana ugeran
Satekah polah hayang nyingraykeun lalungse nu ngabangbaluhan hate
giler soca anjeun nu matak ngagorogotan ati
matak hayang teupang unggal kuring usik
unggal kuring ngarenghap
lambey nu biasa di hias ku imut manis salira mulasara dina jero kalbu
duriat nu teu pernah dikedalkeun ka salira
jadi rusiah ati antara kuring jeung Pangeran nu Maha Kawasa
jadi carita nu teu pernah nemu jeung lalancip kahirupan...

0 comments:

Post a Comment

Mr.Culunt, Blogger Templates by Blog and Web