Cinta Perceunahan

Monday, June 28, 2010

ceunah mah duriat teh lir ibarat ibun
nu mere rasa tiis dina hate
ceunah mah duriat teh lir ibarat katumbiri
nu mere warna kana kahirupan
ceunah mah duriat teh lir ibarat panon poe
nu teu weleh nyaangan dina rohang-rohang poekna hate
ceunah mah duriat teh lir ibarat angin
nu bisa dirasa tapi teu bisa di ceukel
ceunah mah duriat teh lir ibarat cai karacak
nu ninggang batu nu sakitu teuas najan sakeclak
tapi laun-laun eta batu jadi deklok
ceunah mah duriat teh lir ibarat euwah gingsir
nu mepelingan mangsa lampah nincak salah
ceunah mah duriat teh lir ibarat lir ibarat tangkal
nu akarna nanceub kana jero hate
nu ranggeuy dahana ngahontal lalangit hate
nu dauna matak iuh jeung linduh pikeun sasaha nu ngiuhan
nu cucukna matak nyeri nurih kana ati
nu kembangna matak seungit kanu mawana
nu buahna matak manfaat ka sakabeh umat
ceunah mah duriat teh lir ibarat si Kabayan
nu bungah nalika nanjak nu ceurik nalika mudun
ceunah mah duriat teh ka bungah 
bungah lamun paamprok jeung manehna
Bungah jeun waswas nalika ngantos manehna..heu..heu...
Ceunah duriat teh teu bisa digantian ku rupa
ceunah duriat teh teu bisa di gantian ku harta
cceunah duriat teu bisa di aya-aya
ceunah duriat datang na henteu kapaksa
ceunah ceuk guru kimia cinta lir ibarat molekul paling leutik dina hiji unsur nuteu bisa dibagi-bgi deui..
ceunah ceuk guru matematika cinta lir ibarat pesoalan persamaan kuadrat nu sok menta jawaban dina saluruh partanyaan nu aya.

ceunah mah duriat teh pamohalan
nu hakekatna bisa ngubah pait jadi amis,
nu bisa ngarobah kebul jadi inten,
nu ngarobah kiruh janten herang,
nu ngarobah heurin  jadi lega
nu ngarobah tunggara jadi bagja kasakit jadi kasehat

Puisi Kanggo Bapak Guru

Saturday, June 26, 2010

Nu teu kenal kacape dina nyaangan jeung mepelingan
ku elmu sareng lampahna

Kapungkur hate Abdi poek
poek tacan bisa ngabedakeun
alus jeung gorengna lampah paropolah
Kapungkur Abdi teh bodo
bodo ku pangarti
bodo ku pangalaman
tug nepi Bapa datang 
mawa elmu pikeun nyaangan hate ian nu poek
mapaesan jemplingna hate
maturan bari ngelingan
ngajak balik ka na pitrahna
mepelingan
yen hirup teh gampang teu cukup kur dipikiran
aya mudun jeung tanjakan
yen Hirup teh cita-cita
ngudag-ngudag mangsa jeung rasa
yen Hirup teh tunggara
upama tresna kalid sulaya
yen Hirup teh seuneu 
nu ngaduruk lulurung sukma
yen Hirup teh ibadah
rela ihlas ngumawula
yen Hirup teh aci-acining Bagja
yen dina kasusah teh sok aya nyelip kasenang
negerken ian nalika keuna musibah 
yen eta musibah teh kiparat dosa
"Pangeran mah sabenerna teu pilih-pandang
sakabeh Rohmat jeung ujian muwuh adil dibagi rata ka sadaya mahluk-Na saban kajadian, kanyataanana ngandung hikmah jeung barokah"
Hatur nuhun Kanggo elmu sareng pepeling nu tos dipasihkeun

Wilujeung tepang taun pak mugia di sehatkeun,di pasihan rizki nu seueur tur barokah....Amiin

Lamunan

Wednesday, June 23, 2010

Dina implengan kasawang ku akang
teuteup sieup anjeun nu iuh lir ibarat iuhna awan
sora anjeun nu kadangu halimpu
imutna na seuri Anjeun
bari Nu kadenge teh iwal ti renghap-ranjugna ambekan
marengan ratugna jajantung lir tutunggulan
Duanana silih tembrakeun kabungah nalika panggih
saterusna lalayaran dina sagara kacinta
silih simbeuh ku kadeudeuh
silih rungrum ku kaasih
silih simbutan ku kasono.

Lee Soo Young-A Love To Kill

Hate Kadua Leutik

Monday, June 21, 2010

Aya hate kadua leutik
anu nyelip nu nyimpen rasa cinta
Rasa Cinta ka malati pulas bodas
cinta nu ceuk batur mah aneh
cinta nu teu pernah kedal ngaliwatan basa
cinta nu teu pernah di tembrakeun
cinta nu jadi rusiah ati kuring jeung Pangeran anu Kawasa
cinta batin nu ngan bisa di rasakeun
Cinta nu mawa teuteup kadeudeuh
Cinta nu lobana lir budah sagara
cinta nu sorana kabawa ku angin leutik
cinta nu lain ngan ukur pupulasan tapi
cinta nu mawa seungit
cinta sumeredet kana hate numawa kabagja kasura tunggara
cinta nu mawa kamelang malang kahayang
cinta Nurih hariring kapeurih unggal peuting
Meusmeus ngejat meupeus munajat
Ngalanglayung satungtung can tepung..

Si Kabayan Moro Uncal

Friday, June 18, 2010

Isuk kénéh Si Kabayan jeung mitohana geus harudang, lantaran poé éta rayahat rék moro uncal.
Urang kampung geus saraged, maké calana sontog, samping dibeubeurkeun kana cangkéng, bedog panjang nyolégréng. Sawaréh marawa tumbak. Anjing ragég geus hayangeun geura ngudag boroan ka leuweung.
Nénjo batur saraged téh Si Kabayan mah teu ieuh kapangaruhan. Manéhna mah ngaléléké, maké sarung dikongkoyangkeun. Batur-batur marawa bedog, manéhna mah kalah mawa péso raut.
“Keur naon mawa péso raut, Kabayan?” tatanggana nanya.
“Keur nyisit uncal,” jawabna.
Nu rék moro laju indit. Tepi ka leuweung, der ngasruk. Anjing ragég ti kulon, ti kalér, ti wétan. Jalma-jalma pating corowok. Nu megat ayana di beulah kidul, lebah bubulak.
Ari Si Kabayan misahkeun manéh. Manéhna mah nangtung handapeun tangkal jambu batu bari tatanggahan, néangan jambu asak.
Keur tatanggahan, gorowok nu ngagero, “Pegaat…!”
Si Kabayan ngalieuk. Ari torojol téh ti jero rungkun, uncal jaluna. Tandukna ranggah.
Si Kabayan can nyahoeun uncal. Cék pangirana uncal téh sagedé anak embé. Nu matak barang nénjo sato nu siga kuda bari tandukan téh, ngan térékél wé manéhna naék kana tangkal jambu. Teu bisa luhur naékna téh da kagok ku sarung. Manéhna nangkod kana dahan panghandapna, sarungna ngoyondon.
Kabeneran uncal téh lumpat ka handapeunana pisan. Si Kabayan peureum, sieuneun kaparud ku tanduk uncal nu sakitu ranggahna.
Si kabayan teu kira-kira reuwaseunana barang karasa aya nu ngabedol ti handap. Ari diténjo horéng tanduk uncal téh meulit kana sarungna. Uncal ngarengkog, tuluy babadug hayang ngalésotkeun tandukna. Kadéngé ambekanan hos-hosan. Si Kabayan beuki pageuh muntangna, uncal beuki rosa ngamukna, tapi tandukna kalah beuki pageuh kabeulit ku sarung. Si Kabayan beuki geumpeur, sepa taya getihan.
“Tuluuuuung….tuluuunngg…., ieu aing ditubruk uncal…!” Si Kabayan gegeroan ménta tulung.
Teu lila burudul nu moro nyalampeurkeun. Nénjo uncal abrug-abrugahn téh, teu antaparah deui belewer wé ditumbak. Uncal ngajéngjéhé. Jekok-jekok pada ngadékan tepi ka rubuhna. Uncal ngajoprak. Si Kabayan gé ngalungsar gigireunana bari rénghap ranjug.
Nu ngariung uncal hélokeun.
“Kumaha ditéwakna ucal sakieu badagna, Kabayan?”
Si Kabayan nangtung lalaunan bari cungar-cengir., “Ah gampang. Uncal mengpengan ka handapeun tangkal jambu, ku kuring dipegat. Barang geus deukeut, dirungkup wéh tandukna ku sarung . Tuh geuning sarungna ogé tepi ka rangsak saroéh. Geus karungkup mah teu hésé, kari marieuskeun wé tandukna.”
Saréréa gogodeg. Ari Si Kabayan padamuji téh nyéréngéh wé bari ngusapan tuurna nu barared.
Uncal pada ngarecah. Si Kabayan ngajingjing pingping uncal bari heheotan.

Si Kbayan ngala tutut

Cék Ninina, “Kabayan ulah héés beurang teuing, euweuh pisan gawé sia mah, ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.”
Cék Si Kabayan, “Ka mana ngalana?”
Cék ninina, “Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu meunang ngagaru geura.
Léos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katémbong tututna loba, lantaran caina hérang, jadi katémbong kabéh. Tututna pating golétak. Tapi barang diteges-teges ku Si Kabayan katémbong kalangkang langit dina cai. Manéhna ngarasa lewang neuleu sawah sakitu jerona. Padahal mah teu aya sajeungkal-jeungkal acan, siga jero sotéh kalangkang langit. Cék Si Kabayan dina jero pikirna, “Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-bina caina. Kumaha dialana éta tutut téh? Lamun nepi ka teu beunang, aing éra teuing ku Nini. Tapi éta tutut téh sok dialaan ku jalma. Ah, dék dileugeutan baé ku aing.”
Geus kitu mah Si Kabayan léos ngala leugeut. Barang geus meunang, dibeulitkeun kana nyéré, dijejeran ku awi panjang, sabab pikirna dék ti kajauhan baé ngala tutuna moal deukeut-deukeut sieun tikecebur. Si Kabayan ngadekul, ngaleugeutan tutut méh sapoé jeput, tapi teu aya beubeunanganana, ngan ukur hiji dua baé. Kitu ogé lain beunang ku leugeut, beunang sotéh lantaran ku kabeneran baé. Tutut keur calangap, talapokna katapelan ku leugeut tuluy nyakop jadi beunang. Lamun teu kitu mah luput moal beubeunangan pisan, sabab ari di jero cai mah éta leugeut téh teu daékeun napel, komo deui tutut mah da aya leuleueuran. Di imah ku ninina didagoan, geus ngala salam, séréh jeung konéng keur ngasakan tutut. Lantaran ambleng baé, tuluy disusul ku ninina ka sawah. Kasampak Si Kabayan keur ngaleugeutan tutut.
Cék ninina, “Na Kabayan, ngala tutut dileugeutan?”
Cék Si Kabayan, “Kumaha da sieun tikecebur, deuleu tuh sakitu jerona nepi ka katémbong langit.”
Ninina keuheuleun. Si Kabayan disuntrungkeun brus ancrub ka sawah.
Cék Si Kabayan, “Heheh él da déét.”

Hees

Abah Ontohod: "Naon tujuan nyaneh make hayang milu jadi Caleg teh Bay?"
Kabayan: "Nya uing mah hayang we ngajaran hees dina korsi anggota dewan, da katenjona meni jiga nu nikmat heesna teh jaba dibayar deuih."
Abah Ontohod: "Kasebeleun, dasar pangedulan!"

Lamun eleh

Iteung: "Bongan sagala geus beak dipake kampanyeu, pokona mah lamun eleh dina pemilu mah, Iteung rek menta talak."
Kabayan: "He... he... he... tapi lamun meunang Akang rek kawin deui."
Iteung: "Hah...?"

Jadi Guru

Pasosore Kabayan jeung pamajikanana keur ngobrol nyawalakeun anakna nu karek tamat SMA.
Iteung: "Budak teh urang sina neruskeun kuliah ka kedokteran we, ambeh bisa ngubaran nu gering."
Kabayan: "Teu kudu ka kedokteran sagala, Ki Dukun, Ki Tabib ge teu sakola di kedokteran bisaeun ngubaran nu gering mah."
Iteung: "Ka Ekonomi atuh, supaya bisa jadi pangusaha."
Kabayan: "Lah montong. Um Bob oge jadi pengusaha beunghar lain lulusan ekomoni."
Iteung: "Kumaha mun ka tehnik?"
Kabayan: "Ah, Si Ujang nu boga bengkel dilandeuh ngan saukur tamat SMA, geuning bisaeun ngomean motor jeung mobil ge."
Iteung: "Sigana mending ka pertanian, nya!"
Kabayan: "Iteung... Iteung, ti nini aki nepi ka uing oge bisa nyawah, bisa ngebon apan teu disakolakeun ti pertanian. Budak urang mah sina jadi guru we, ambeh bisa jadi guru dokter, guru pangusaha, guru montir, guru patani, guru ABRI, nu utamana mah jadi guru nu bisa digugu jeung ditiru."

Rusiah Hate

geter-geter rasa katresna jadi rusiah ati
rusiah ati nu mawa asih jeung deudeuh
asup kana lawang hate
ngamuara dina kalbu
netep nanceub nurih kana sajeuroning rasa
nyipta manisna rasa deudeuh
nyaangan rohang-rohang hate nu poek
ngubaran hareengna hate
mawa kahariwang jeung longkewang
nyinglarkeun hieumna hate
mawa ibun ngaleungitkeun dahaga
nyipta bungah nu taya tungtung na
rusiah ati mawa talatah nu teu kedal...

Ngimpleng

Thursday, June 17, 2010

Ngampleng jauh na impenan ...
Kasampak Hiji Wanoja nu disangka geus ilang taya tapakna..
Dina ngimpi papendak deui
jorojoy rasa nu tos lami dikubur jauh-jauh aya deui..
ngajungjurigan dina lampah kahirupan kuring
Anjeun nu deukeut tapi jauh...
Anjeun nu jiga lindeuk tapi giras...
Anjeun nu jauh kajugjug Anggang kasaba
Anjeun ngesian sagala hiruk pikuk pikiran kuring..
jiga panyakit nu ngajangkit nu taya ubarna
ngaracun kana jiwa, hese sare, hese barang gawe...

Pami emut tumalampah nu katukang hanjakal nu aya ...
Asa eumbung ngabalikan deui eta lalampahan teh..
Tapi Asa hayang nyorangan mangsa etadeui ..

judul nana mah rek memperbaiki diri...

tapi memang kieu meren kumalampah jadi jajaka tunggara...
mung saukur bisa ngalamun-jeung ngalamun...

Kahayang Ati

Wednesday, June 16, 2010

Hujan nu ngeprul peuting ayeuna
sok kalahkah tumaninah ngumbar jirim manehna dina mangsa ngaririncik hujan poe harita
Ras kuring inget kana teuteupna nu saiuh awan ka kuring..
bet naha atuh kuring ge kalah malik neuteup
tuluy sarua pada-pada nenggorkeun imut
imut nu matak raheut kana sukma
sanajan sakeudeung tapi nembragna kana hate mah
geuning karasa mani sakitu rongkahna
sanggeus wanoh jeung manehna...
asa aya ajag nu ngagorogotan rohang-rohang dina hate
tuluy babaung unggal waktu
asa aya ririwa anu ngintit jeung ninggal
kana tingkah jeung paripolah kuring
asa aya nu ngaganjel jiga nu matak teu genah kana hate
asa aya rasa kahariwang jeung longkewang nu matak hese sare hese gawe
sanggeus wanoh jeung manehna ...
saban peuting bari ngareureuhkeun awak balik gawe
sok dipapaes ku SMS asih jeung sono
sanajan bari teu silikedalkeun
sanajan bari teu silibalakeun
sanajan bari teu sili tembrakeun
da seugeuy ari hate mah pada-pada pondah
yen kuring jeung manehna teh keur di eunteupan rasa hu sarua
nyaeta Asih jeung sono
madungdengkeun kasakten cahaya anu tohaga
ngaruntuhkeun wewesan kasakten cahayakalan
kalaang ngarampa gumiwang langit
mependekeun jeung nyempraykeun dada sewang-sewangan
mawa mangpirang hareupan
neundeun katineung anu laun laun jadi rasa kahariwang
ayeuna kuring anggang
kasawang hiji jirim nu nganti di sisi basisir
tina menit kana menit moal boa
 saban detik oge tina detik kana detikna asa anggang
ngangkleung lir meuntasan sagara anu motah.

Jajaka Katiruk Jajantung

Tuesday, June 15, 2010

Bulan nu nembongan peuting opat welas
Nepungan deui malati pulas bodas lebah pengkolan
Kasampak hiji Jajaka nu bingung
Bingung ngenaan rarasaan nu aya dina jero hatena
ngarasakeu aya nu mangkak dina jero hatena
aya panah nu nanceub kana jero dadana
Panah ti sang pamanah rasa
nu matak hariwang jeung longkewang
ngahontal kana rohang-rohang simpe na jero hatena
aya nu usik jadi igel lebah urat getihna
aya nu ngalir bengras lir ibarat caahna na cai wahangan
rarasaan nana lir ibarat ngimpi nu teu ngabukti
jiga nyata tapi maya
karasa tapi teu katenjo jirimna
eta meureun nu di sebut  rasa katresna
beuki dipikiran kalah beuki baluweung
beuki teu ngarti
jiga acuh tapi butuh
jiga ambeuk tapi nyaah
malati pulas bodas palebah pengkolan kasibak ku sinar bulan
lalaunan eta jajaka ngalengkah ngadeukeutan eta malati
malati handapeun caangna bulan
malati handapeun kiceupna bentang
malati handapeun langit anu bangun nabeuh gending nyinglar ulas-ulas mega
ngawihkeun dalinding tembang kasmaran peuting harita..

Mr.Culunt, Blogger Templates by Blog and Web