Geulis

Sunday, March 31, 2013

Mun pareng ningali bulan
Purnama anu ayeuna nyaangan
Omat ulah ngarasula
Pèdah akang teu aya mareungan

Hatè manteng ka salira
Kebat lir caang purnama
Moal linci komo midua
Anceug lir karang sagara

Geulis
Purnama ngadadak alum
Ngawawaas manah nu muyung
Meureun anjeun rada pundung
Nahan sono teu kabendung

Girimis mimiti ngeuclak
Nyumputkeun katineung bulan
Nyuuh dina pangsujudan
Amparan tilam kahèman

Hayu urang ngaraket keun
Kadeudeuh urang duaan
Neuja muntang ka Pangèran
Di kiat keun Iman Islam

Tong Ngarasula

Heurin letah heureut lengkah
Mung sakieu buktosna
Banda teu aya sumawonna patalayah

Abdi sadar tumarima
Ieu cocobi ti Gusti Nu Maha Asih
Moal mungpang moal mangmang

Hujan aya raatna
Panas aya iuhna
Sagalana aya waktuna
Teu kudu ngarasula

Komo potes teu puguh mah
Sumerah pasrah Kanu Kawasa
Ikhlas,Tawakal
Eta koncina

Mr.Culunt, Blogger Templates by Blog and Web