panas nu sakieu mentrang
suganteh moalrek hujan
sono bogoh anu urang
geuningan teu bisa manjang
asa dina pangimpian
urang jadi pipisahan
kadeudeuh nu nyangreud pageuh kiwari talina udar
urang teu bisa embung najan kagandrung sagunung
urang teu bisa nolak najan duriat sajagat
urang lir ibarat wayang usik malikna ku dalang
anu teu wasa wenang beuereum hideung na kumaha dalang
apan hirup ngalalakon saperti dina sinetron
caritana kedah pisah nya hamo bisa di pondah
urang teubisa embung najan laput rasa gandrung
urang teu bisa nolak sanajan limpas ku kabeurat
tarimakeun janten randa akang pasrah janteun duda
najan pait bari peurih teubisa di kumahakeun
ulah ceurik tong di ceung ceurikan
takdir teu benang di pungkir kadar teu isa disinglar
najan pada pada beurat
meureun gerat kedah pegat