Soca nu Nyarita

Friday, July 8, 2011

aya nu benten,,,,
dina tetep sieup anjeun
dina giler soca anjeun
dina imut na anjeun
saolah mere isyarat
yen ajeun miboga rasa nu sarua
rasa mikaheman, mikadeudeuh jeng mikanyaah
meski teu kecap ku ilat
meski teu kedal ku lisan
tapi bisa kabaca dina teteup sareng imut salira,,,

soca nu nyarita,,
sanajan satekah polah di sumput-sumput
moal bisa ngabohongan diri,,,

Sorot Soca

najan anjeun teu kedal
najan teu terus terang
tapi sorot soca bangun anu balaka
aya rasa cinta dina hate eneng
dina sorot soca atrat kabaca
cinta tong dipendem cinta tong di sideng
bilih raray resa seer jerawat
da akang gen terang di eneng aya cinta
sorot soca anu nyarita
aya rasa cinta
aya rasa trasa cinta
hop atuh gera nyarita
tong ukur dina soca
sorot soca nu nyarita
abdi ngantos pisan kata cinta tina lisan

Harita Kasorenakeun,,,

Saturday, June 25, 2011

Harita Kasorenakeun ,,,
kuring nganjang ka rorompok salira
mawa kaasih nu pohara gedena
mawa kasono nu taya bandingan nana
harita kasorenakeun,,,
rundayan katineung dipapalerkeun
bongan matak guligah kana rasa
bongan mawa eurih nu ngaraheut kana ati
lamun teu patembong
lamun teu paembol
Harita kasorenakeun,,,
kuring ngalengkah mapag kalangkang
ngajugjug salira nu diudag ku mangsa jeung rasa
Harita kasorenakeun,,,
salira ngantos dilawang panto
tuluy gugupay bari imut
Gusti nu agung pami emut harita,,
naha bet asa teu puguh
mun diri ker ngumbar rasa katresna
rek disusud na jajantung
rek ditanyakeun kasanubari
naha ayena asa landes misono
melit ngait kana diri
taya daya pikeun ngajauhan salira..




Galur Carita


Langlayangan Pegat

Monday, March 28, 2011

panas nu sakieu mentrang
suganteh moalrek hujan
sono bogoh anu urang
geuningan teu bisa manjang
asa dina pangimpian
urang jadi pipisahan
kadeudeuh nu nyangreud pageuh kiwari talina udar
urang teu bisa embung najan kagandrung sagunung
urang teu bisa nolak najan duriat sajagat
urang lir ibarat wayang usik malikna ku dalang
anu teu wasa wenang beuereum hideung na kumaha dalang
apan hirup ngalalakon saperti dina sinetron
caritana kedah pisah nya hamo bisa di pondah
urang teubisa embung najan laput rasa gandrung
urang teu bisa nolak sanajan limpas ku kabeurat
tarimakeun janten randa akang pasrah janteun duda
najan pait bari peurih teubisa di kumahakeun
ulah ceurik tong di ceung ceurikan
takdir teu benang di pungkir kadar teu isa disinglar
najan pada pada beurat
meureun gerat kedah pegat

Mr.Culunt, Blogger Templates by Blog and Web