Serat Kanggo Malati Pulas bodas

Friday, August 27, 2010

Kahatur am..
nu dipikanyaah ku a ian
Nu sok manjang kapiraray

Salam katresna ti katebihan,
Hapunten pami pesan dina fesbuk nembe diwaler. Da puguh a ian na nuju damel harita teh. Ah duka ku naon atuh kamari mah asa rus ras basa ngawawaas lalampahan anu lawas, ngahelas. Asa teu percanten pami salira bakal mikasono ka a ian.wet asa dina ngimpi. Nu puguh diraoskeun ku a ian mah dugi kaayeuna Nyaeta rasa deudeuh jeung rasa sieun. sieun pami a ian nganyenyeri ka am..,sieun pami am.. ninggalkeun a ian, sieun pami a ian sulaya kana jangji sanaos a ian sadar yen rasa mah sakapeung hambar,sieun Tina cinta kana cidra, sakilat mindah rupa. Tina deudeuh jadi geuleuh, henteu kenging disisieuh.
Ngarumaoskeun diri da a ian mah puguh laip. Piraku jalmi siga am.. kersa ka a ian nu teu aya pupurieunana.
am.., langit anu tadina ceudeum teh bet ngadadak bengras basa a ian nampi serat ti am... Naha leres eta teh, Ambu?Naha leres Am.. mikanyaah sareung mikasono ka a ian. Ah asa teu percanten, tapi ieu hate janten bungangang, bingah pisan. Tatu teh ngadadak lita, teu geutihan deui. Hate nu pias koneas teh ngadadak jadi kayas. Lamun seug a ian gaduh jangjang hoyong ngapung ngawang-ngawang, rek nepungan anjeun nu ayeuna aya dipanjara suci. Najan dipisah kusagara, kaamparan banua, da meureun masih salangit, hate a ian tetep ngait.

Sakitu wae nu kapihatur, bilih aya basa nu kirang merenah neda hapunten, da Am.. ge pan uninga a ian mah teu tiasa nyerat anu ngawirahma siga para bujangga.

Nu teu weleh mikasono.


a ian shinchan

Peuting Harita Jeung Manehna

Sunday, August 1, 2010

Sanajan langit angger angkeub
sanajan langit poek mongkeleng
tapi hadirna anjeun peuting harita
ngabedahkeun rasa kasono
nu geus lami ngagunduk na hate
hadirna anjuen lir ibarat angin
mepende sukma ngahudang rasa ka deudeuh
nu nyingraikeun halimun peuting
nembrakeun endah na purnama
ngalegena mapaesan jiwa
harita lamunan ngancik kana diri
ras kabayang...
imut anteub sareng giler soca anjeun
nu matak nembus jajantung
melah rasa na jero dada
nalikung diri ku rasa katresna
geusan ngahontal endahna dunya
tina udagan taya hareupan
lieuk euweuh ragap teu aya
ukur keclak ibun katresna
nu mangkak endah ngarandakah
dina hate urang duaan
ngalembreh maseuhan satia

Mr.Culunt, Blogger Templates by Blog and Web